Saturday, June 30, 2012

"Anjang-anjangan" Permainan Anak-anak Tradisional

IEU CATETAN TEH MANGRUPI MATERI DIN RARAGA LOMBA BIANTARA KANGGO BARUDAK SD.

Assalamualaikum wr wb
Bissmilah, alhamdulillah
Walahaula walakuata ila billah
Ashaduala ilaha illaloh waashaduana muhammadarosulluloh

Girang pangajen miwah hadirin hormateun simkuring.
Sabadana muja miwah muji syukur ka Illahi, hayu urang sanggakeun solawat miwah salam ka jungjunan alam nabiyulloh syaidina Muhamammad SAW.

Dina danget ieu, simkuring pun ...................... seja biantara, babagi ilmu sareng pengalaman ngenaan anjang-anjangan.
Kieu hadirin ....
Nu disebat anjang-anjangan teh nyaeta mangrupi kaulinan barudak anu ilaharna dilakukeun ke budak awewe, najan teu haram pami budak lalaki ngiluan kana kaulinan. Tapi biasana nu dicoona teh momobilan atawa iimahan.
Dina anjang-anjangan eta numaraen teh sok niron-niron kagiatan indung bapana dina raraga ngokolakeun rumah tangga sareng ngasuh murangkalihna. Janten aya sababaraha urang nu maena. Nu jadi indungna, bapana, sareng anakna.

Aya dua cara anjang-anjangan teh.
Cara kahijina nyaeta, make kaulinan barang-barang kaulinan nu geus jadi. Papasakan mangrupi kokomporan sareng barang tiruan liana nu tos janten. Bisa oge mangrupa karajinan nu dijieun sorangan. Janten cara kahiji mah nu ngamaenkeunana ibarat dalang.
Cara nu kadua mah, teu bina maen sinetron atawa sandiwara, nujadi indung bapa jeung anak teh dangdan peresis pisan. Barang-barang na mah nu aya di imah-imahna masing-masing bae.

Tah kitu hadirin....
Panginten urang ge kantos ngalaman hal sarupi kitu teh.
Numutkeun simkuring mah, kaulinan samodel kieu teh kedah dimumule sareng samalih kedah diusahakeun kanggo dikembangkeun .Kumargi seueur mangpaatna. Diantawisna nyaeta.
  1. Urang janten terang sareng ngaraoskeun kumaha riweuhna indung bapa dina raraga ngasuh urang sadaya.
  2. Urang janten motekar dina raraga ngalakonan hirup kumbuh sadidinten.
Seueur keneh mangpaat sanesna hadirin.
Nanging kumargi kawengku ku waktu kawatesanan ku mangsa. Biantara Simkuring dicekapkeun dugi kadieu bae
Nanging boh bilih aya kalepatan sareng kakirangan hapunten anu di teda.
Teu hilap ngahaturkeun nuhun kana sagala rupi perhatosanana.



Wass........

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...