Thursday, April 18, 2013

PUPUH GAMBUH


Pupuh Gambuh watekna ngangluh (mengeluh)
Ngagambarkeun kanyeri, kasusah, kasedih
Palanggeranana 8 u, 8 u, 8 i, 7 a, 8 a/u, 8 a/0
Aya 5 padalisan dina sapadana
Rumpaka Pupuh Gambuh dihandap ieu dijudulan "kaduhung"

KADUHUNG  
Laras Pelog 


Kaduhung sagede gunung
Kuring sakola teu jucung
Lalawora resep ulin
Hanjakal tara ti heula
Ayeuna kari peurihna

Wednesday, April 17, 2013

PUPUH DURMA


Durma
Watek Pupuh ngagedurkeun sumanget. Ngagambarkeun nu gede harepan
Rumpaka pupuh dihandap dijudulan LEMAH CAI
Palanggeranana nyaeta, Guru wilangan/ Guru lagu: 12 a, 7 i, 6 a, 7 a, 8 i, 5 a, 7i
Aya 7 padalisan dina sapadana.  

LEMAH CAI
   laras Pelog
Nagri urang katelah Indonesia
Di riksa tur di jaring
Sumirat komarana
Berkahna Pancasila
Ageman eusining nagri
Yu sauyunan
Ngawangun lemah cai

Saturday, April 13, 2013

PUPUH BALAKBAK


BALAKBAK
Ngagambarkeun heureuy atanapi banyol tapi bari sopan 

DAYEUH BANDUNG 

Pupuh Balakbak
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame, araheng
Gedong-gedong pajangkung- jangkung wangunna, alagreng
Tutumakan-tutumpakan balawiri lalar-liwat, garandeng 

PALANGGERAN : Guru wilangan/ Guru lagu:
12+3 e, 12+3 e, 12+3e
Padalisan: 3

PUPUH SEKAR ALIT

Pupuh teh sadayana aya 17, dibagi janten dua bagian nyaeta;
1.Pupuh Sekar Ageung
2.Pupuh Sekar Alit

1. Pupuh Sekar Ageung anu jumlahna 4, sering disingket KSAD
    a. Kinanti
    b. Sinom
    c. Asmarandana
    d. Dangdanggula
(Salengkepna arantos dibahas dina seratan sateuacana) 

2. Pupuh Sekar Alit
    a. Balakbak,Lawak ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
    b. Durma, Ngagedur ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget
    c. Gambuh, Ngangluh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri
    d. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
    e. Juru demung, Bingung ngagambarkeun nususah ku pilakueun
    f. Lambang, Senang ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
    g. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan
    h. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
    i. mijil ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
    j. Pangkur perang, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat. 
    k. pucung, jucung, eusina ngagambarkeun pangajaran . 
    l. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan. 
    m. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Friday, April 12, 2013

DANGDANGGULA



Pupuh Dangdangdula Kaagungan, kaendahan ciptaan nu Maha Kawasa tegesna Alloh SWT.
Aya 10 padalisan (baris) dina sapadana (sabait).
Palanggeran tina tiap-tiap barisna nyaeta :
10i, 9a, 8e, 7u, 8i, 6a, 6u, 8a, 12i, 8a.


He Barudak poma sing areling
Sing nyaah ka indung ka bapa
Maraneh teh matak hese
Komo nu jadi indung
Kahesean kaliwat saking
Ti keur di kandungan
Matak hese wungkul
Mun dengdek kukulinciran
Waktu maneh gubrak gumelar ka lahir
Indung teh boa ajal
......Hanca kana Pupuh Sekar Alit

ASMARANDANA

PUPUH SEKAR AGEUNG NU KA-3 NYAETA ASMARANDANA
 
Asmarandana Watekna Rasa asmara, cinta, asih jeung kanyaah, ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa sikep kahirupan di Buana panca tengah atawa Bumi alam. 
Jumlah padalisanana aya 7 dina sapada
Guru wilangan jeung guru laguna nyaéta: 
81, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, 8a
kieu rumpakana:

 Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan




..........hanca kana DANGDANGGULA

Tuesday, April 9, 2013

KSAD PUPUH SINOM

.....Sambungan tina hanca KSAD PUPUH SEKAR AGEUNG

SINOM

Pupuh sinom ngagambarkeun kasenangan, gumbira jeung kadeudeuh.
Jumlah padalisan (baris pupuh) aya 9 dina sapadana (sabait)
palanggeranana nyaeta : 8a, 8i, 8a, 8i,7i, 8u, 7a, 8i, 12a


Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Munggu harti mangpaat dunya akherat

.....ngahanca kana ASMARANDANA

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...