Thursday, August 2, 2012

lagu anak sunda KAKAWIHAN




KAKAWIHAN


1. Jaleuleu
Jaleuleu.................... ja__
Tulak tuja ema......... gog
Seureuh leuweung... bay__
Jambe kolot ............ Bug
Ucing katinggang song song
Ngek...!!!

2. Ucang angge
Cang ucang angge
Mulung muncang kaparangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu si bule
Ari gog
Gog cungung__

3. Punten Mangga
Punten
mangga
ari ga gatot gaca
ari ca acu ambon
ari bon bonteng asak
ari sak sakit perut
ari rut rujak asem
ari sem sempal sempil
ari pil pilem rame
ari me meja makan
ari kan kantong kosong
ari song song-song lampu
ari pu puak paok
ari wok wok berewok
 
4. Oray-orayan
Oray-orayan luar leor ka sawah
ulah ka sawah parena keur sedeng beukah
oray-orayan luar leor los ka kebon
entong ka kebon, di kebon loba nu ngangon

Mending ge ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi? anu mandina pandeuri

Oray-orayan ........ oray naon
Oray bungka ........ bungka naon
Bung ka laut ........ laut naon
laut dipa ........ dipa naon
dipanderi ri ri ri ri .........!!!!

5. Ngitung

1 2 3 4 5 6 7 8. xx

6. Ayang-ayang gung
Ayang-ayang gung
gung goongna rame
menak kiwastanu
nu jadi wadana
naha maneh kitu
tukang olo-olo
loba anu giru
ruket jeung kompeni
niat jadi pangkat
katon kagorengan
ngantos kangjeng dalem 
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong
pong pong pong
jalan ka batawi ngemplong
plong plong bohong....!!!

7. Cacag gurame

Cacag gurame
Gurame tali gobang
Gobang pancarame
Alun-alun singaparna

Gojing ta lewe-lewe (ulang2)

Trang kolentrang

Trang trang kolentrang
silondok paeh nundutan
mesat gobang kabuyutan
tigebrus kana durukan
nyeh prot....
nyeh prot
ngabelengeh kepot

SAPINTRONG
(itung ketuk tilu)

1 2 3 4 5 6 7 8... 9... 10..

Ciripit

Cing cing ciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seuseukeutna
Jol pa dalang
Mawa wayang...
Jrek jrek nong

PEREPET JENGKOL
Perepet jengkol jajahean
kacepet , kacepet,... jejeretean 

PAKAIT-KAIT

Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang
Anyaman masing pageuh
Ulah lesot masing pageuh

Anyaman masing pageuh
tacan lesot ulah lumpat
Nganyamna ulah rusuh
Mun rusuh sok gampang labuh.

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...