Wednesday, November 19, 2014

DI SAUNG KURING


Di saung kuring
Di Tepis wiring
Di sisi pasir nu lungkawing
Dina rasa bet longkewang 

Sonten nu santen
Disimbutan ku halimun
Diusapan angin ngadalindingding
Nembang dipirig korosak dangdaunan

Ditoong kusrangenge nu keur era
Nyumput dina mega kulawu
Mega nu kulawu teu lila caah cisoca
Murubut masehan bumi
Saung kuring dimandian ku girimis kasorenakeun

Bangkong titadi anteng dibalong
Ear surak eak-eakan
Sora turaes adumanis jeung gaang mangprang
Jerit Jangkrik bet ngageri ati

Na iraha bagja,…?
Bet lana teu datang-datang.
Ieu kuring nu hariwang beuki honcewang
Gusti ampun nya paralun
Simkuring gede rasa rumasa ku seueur dosa
Nanging apanan Anjeun mah Maha Lautan hampura.
Ampun Gusti
Ampun…!!



KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...