Friday, March 21, 2014

KEMBANG DALIAH PELAK ABAH

KEMBANG DALIAH PELAK ABAH

                                                                 Abdoel kariem 2011
Unggal saptu abah mapagkeun kuring
digandong bari nikreuh ka tonggohkeun
anjog ka warung sisi jalan
kuring ngarenghik hayang jajan
kuring diecagkeun pindah kana lahunan
raksukan abah juuh cikesang
balas cape panas poe nanjak bari ngagandong kuring
tapi teu ieuh abah rumahuh ngangluh
kalah gumujeng atoh



abah...
eta mung sagurat carita
basa masih budak harita
diantara mangratus rewu carita
basa kuring diasuh ku asih abah.

Abah...
Bibit kembang daliah pelak abah
kiwari ligar mangkak karembangan
jampe harupat abah nyerep kasakuliah badan
ngajanggelek mancala ngajadi cita-cita nulaksana

Abah...
Kembang daliah pelak pangersa abah
kasanggakeun kanggo pangersa ti insun incu
dina dinten nu katilu
mangsa abah dipundut Kunu Rahayu

wilujeng kantun bah,
bihari ngagandong abdi
kiwari ngagempol pahala Gusti
bihari ngajajap abdi
kiwari dijajap ka Surga Gusti
bihari nyurucud kesang abah
kiwari nyurucud cisoca abdi masehan taneuh kuburan

Ya Alloh,
tampi abah dikalanggengan
buka lawang surga kanggo mantena
margi mantena kantos muka lawang cita-cita. ... Amin

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...