Tuesday, September 11, 2012

Ngaroris buruan (di taman bunga)

Geus kasakitu poena kuring ninggalkeun ieu buruan, 
sabada hijrah ti bumi pun biang ka kontrakan.
Aya rupa-rupa tatangkalan kareueus kuring. 

 

















Kuping gajah anu gagah dauna buludru hejo, 
omat ulah luhlah najan kuring tara nempo

Daun puring kareueus kuring.
Lana satia ngajaga buruan ema.

Kembang tanjung panineungan, 
sedeng mangkak karembangan diburuan.
Poma ulah pundung hamo ringrang hariwang.
Najan kuring langka datang. 

Kapara keumbang liana nu aya di ieu buruan.
Terus tumuwuh masing lintuh.
Teu kudu luhlah jeung ngangluh
 najan ayeuna urang pajauh.

Mun nyalse hate kuring pasti datang, 
da kuring masih di lembur Bandung...

Terus ngasuh para kembang harepan bangsa, 
ngajajap nepi ka kaca-kaca cita-citana. 
terus mangkan karembangan
nyengitan buana Indonesia

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...