Tuesday, April 9, 2013

KSAD PUPUH SINOM

.....Sambungan tina hanca KSAD PUPUH SEKAR AGEUNG

SINOM

Pupuh sinom ngagambarkeun kasenangan, gumbira jeung kadeudeuh.
Jumlah padalisan (baris pupuh) aya 9 dina sapadana (sabait)
palanggeranana nyaeta : 8a, 8i, 8a, 8i,7i, 8u, 7a, 8i, 12a


Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Munggu harti mangpaat dunya akherat

.....ngahanca kana ASMARANDANA

KSAD PUPUH SEKAR AGEUNG

Nu kaasup pupuh sekar ageung teh nyaeta sering di singket 
K S A D
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula

KINANTI
Pupuh kinanti mibanda watek nganti-nganti, deideupeun, kesel nungguan jeung kanyaah.
Dina sapada (bait pupuh) aya 10 padalisan (baris pupuh)
Palanggeranana : 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i
8 engang (suku kata) disebut guruwilangan
 u, i, a, i, a, i (aksara vokal diakhir padalisan) disebut guru lagu
kieu unggelna pupuh kinanti :

budak leutik bisa ngapung
babakuna teungah peuting
ngalayang kakalayangan
neangan nu amis-amis
sarupaning bungbuahan
naon wae nu kapanggih

Pupuh SINOM ..... hanca (bersambung)!!





PUPUH (Puisi lisan tradisional sunda) anu di tembangkeun.



di copas ku : Abdul Karim
Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Pupuh aya tujuh welas rupa:
  • Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
  • Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  • Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
  • Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
  • Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  • Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  • Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
  • Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
  • Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  • Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
  • Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
  • Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
  • Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  • Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
  • Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
  • Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
  • Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.

sumber :

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...