Thursday, August 22, 2013

SONO DUKA KASAHA

Peuting ieu jangkrik ngabangingik
marengan hate nu ceurik
aya kasono nu teu puguh juntrungna
kasaha boa kudu nyimpaykeunana


Bray muka jandela kamar
aya kiceup bentang nu samar
angin peuting ngaharewos
sorana haroshos
sono kasaha? manehna naros...

Lamun ka bulan...
kapanan itu keur marengan
cahya purnama meni gamuleng
pami ka bentang...
sok tunjuk mana nu dipikahayang
sadaya pada baranang.

Hiliwir angin terus ngusapan
ka kuring seja ngupahan
langit lenglang taya tedeng aling-aling
tapi kuring tetep balueng keueung

Mega malang dina dada
kudu kasaha nya nunda rasa?
ah duka ....

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...