Thursday, May 23, 2013

PUPUH JURU DEMUNG


Jurudemung 
mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.

Kaduhung aya di tungtung, mangka kudu usaha ti ayeuna

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
(Ku kersaning anu agung)
Geus pinasti panggih
(Geus pinasti)
(Geus pinasti panggih)
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang
 
Watek Pupuh JURU DEMUNG Ngagambarkeun bingung ku kalakuan sorangan
Salajengna nyanggakeun pupuh Juru Demung nu di judulan "ADIGUNG".

ADIGUNG
Laras Pelog 

Pupuh Juru Demung
Lolobana mungguh jalma
Embung hina hayang agung
(Embung hina hayang agung)
Hayang hirup mukti
(Hayang hirup)
(Hayang hirup mukti)
Tapina embung tarekah
Tinangtu mo bakal nanjung 

Guru wilangan/ Guru lagu: 8 a, 8 u, 6 i, 8 a, 8u. Padalisanana aya 5

No comments:

Post a Comment

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...