Tuesday, July 24, 2012

JANGAN MENGAKU LELAKI BILA Nggak BISA PIDATO


TONG NGAKU LALAKI LAMUN TEU BISA BIANTARA

 

Judul ieu tulisan teh asa maksa pisan saliwat mah. tapi memang kitu kabuktosanana pami urang sadaya sadar kana salah sahiji tugas lalaki khususna kaum bapa salaku pamimpin alias kepala keluarga. Kecap pamimpin ngahaja di gurat handap, negeskeun yen sadaya pamimpin fardu hukumna bisa biantara, dina raraga nepikeun gerentes hate atawa dakwah jeung marentah kanu dipimpina. Pami di keluarga mah nya putra bojo tea. ”sahanteuna bapa bisa biantara dipayuneun putra bojo dina raraga nepikeun saneskanten amanat nu kedah didugikeun ka aranjeuna.”

Semua kaum lelaki wajib hukumnya untuk bisa pidato, minimal berpidato pada keluarganya sendiri. dihadapan anak dan istrinya.

PUBLIK SPEAKING,

Kitu ceuk basa deungeun modern mah. Nu nyangking hartos, cumarita ( mengkomunikasikan ) di payuneun jalma nu leuwih ti dua urang. Sagala rupi gerentes hate atanapi pamaksadan sarta tugas da’wah urang salaku khalifah didunia ieu ge kapanan salah sahiji carana na teh ku biantara, pidato alias publik speaking tea.

Selaku kholifah kita menyampaikan amanatpun salah satucaranya adalah dengan pidato Publik speaking

Boh bilih masih keneh aya nu panasaran teras naroskeun ka simkuring, ”naha meni kedah kitu-kitu teuing kang?” mangga ku simkuring seja di guar najan mung sakedik pamugi janten ”motivasi kanu maos ieu seratan, malah mandar manfaat kanggo sadayana khususna anu meryogikeun elmu biantara.
Teu maksad mapatahan ngojay kameri, lauk buruk ngilu mijah.
da simkuring mah sanes angon meri sareng sanes oge lauk buruk ... heu heu heu.. nanging dina danget ieu mung umajak sareng seja babagi elmu najan mung sakedik mudah-mudahan janten luang ka papada urang.

Tulisan ini semoga jadi motivasi buat para pembaca semua khususnya kaum bapa. Baiklah akan saya bahas sedikit disini.

WAKTUNA BIANTARA

Seueur pisan kasempetan anu meryogikeun kanggo paminpin keluarga (kaum bapa) kanggo biantara. Diantawisna
  1. Nampi rombongan tamu (menerima tamu)
  2. Wawanohan dina raraga janten warga anyar. (Berkenalan)
  3. Syukuran-syukuran keluarga
  4. Arisan keluarga
  5. Nampi panglamar ti calon besan (menerima lamaran dari besan)
  6. Mimpin acara-acara resmi
  7. Acara kapapatenan (acara duka cita)
  8. jeung sajabana.. ( Dll )
Bakal afdol saumpamana urang kuanjeun anu ngadugikeun biantara, teu kedah ngawakilkeun ka batur, ngandelkeun kasepuhan atanapi ngantosan bapa ajengan boh bapa ustadz.
Kumaha atuh tarekah urang sangkan bisa maher (ahli/terampil) kana BIANTARA atanapi pidato basa sunda teh... antos bae.... dina seratan kuring salajeng na... cag ah...

Afdol sekali kalo yang menyampaikan pidato itu adalah kita sendiri tanpa mewakilkan pada ahlinya.

hanca..... bersambung, to be continued...

No comments:

Post a Comment

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...