Tuesday, July 24, 2012

KUNANG-KUNANG KASMARAN

KUNANG-KUNANG KASMARAN

iasana  Abdoel Kariem
Dilangit mega kulawu
kawantu peteng peuting
poek mongkleng

Bulan mah satia maturan
sanajan kari sapotong

Bentang ngabageakeun
cingkaretit pating karetip
silih kiceupan jeung kunang-kunang
burinyayna emas sinangling

kunang-kunang ngan bati tanggah
ngaraga wayahna bongan pajauh
Bari ngepakeun jangjang ipis satekah polah

Hayang ngapung ka awang-awang
ninggalkeun buana panca tengah
hayang ngajul bentang baranang

Takdir teu benang dipungkir
kadar teu benang disinglar

Kunang-kunang bati rumahuh
ukur bisa nyawang kanu jauh
kuring lain manuk heulang
kitu ceuk kunang-kunang

Dipepende simpe
luhureun kembang tarate
diusapan hiliwir angin
ngubaran nu keur kasmaran

Sing angin
pangnepikeun salam kuring
duh mega
pangmawakeun ieu cinta

Sanajan pajauh raga
cinta mah bakal tetep aya
ngancik na hate kuring
sumarambah dina dada

Teu lila antarana
angin balik ka buana
ngaharewos mawa beja
cenah asih katampi
cinta ditarima

kunang-kunang anu heman,
bentang atoh kacida,
nguping wartos nu ngaharewos
yen anjeun karep miharep”

Ti harita bentang jeung kunang-kunang 
pasini jangji rek ngahiji
najan ragana paanggang
cintana ngawujud manjang

Disaksi ku bulan diawang-awang
jeung tarate di situ herang

Kunang-kunang kedal ucap
ka sakuliah alam mere beja
kuring teh bentang dibuana

Bentang ge teu eleh geleng
ka maya pada mere bewara
kuring teh kunang-kunang dilangit lenglang

2 comments:

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...