Sunday, July 22, 2012

WILUJENG WENGI KANG

wilujeng wengi kang ...
ieu cipanon kuring ngeyembeung deui
mangsa ngagentraan jenengan engkang.
bet nyoreang alam katukang.
mangsa urang paduduaan
bongan pangersa engkang nu mikaheman

usum pundung
kapanan engkang nu ngabebenjokeun
datang kahariwang
engkang mah rajeun maturan
butuh batur pakumaha
engkang datang mere luang

engkang ...
kiwari bukti
kaharti pangarti nu katampi
karasa jeung kaalaman
tapi hanjakal
taya panutan sagedengeun

teu kabendung,
cai asih dina kongkolak mata
ngalembereh maseuhan dada nu dewang
nyerep nitis, tiis kana ati.

biasana,,
kana dada, kuring nyangsaya
kana bahu geusan balabuh
panangan anjeun na rangkulan

mun sono, ukur cimata nu jadi ubarna.
bongan urang pajauh raga
nakumaha cara nganuhunkeun
engkang bet tega ngantunkeun
kari kuring nu salawasnaa mieling.
Sono sakalintang

dedikasi kanggo pangersa akang > Iwan Tiswan

2 comments:

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...