Saturday, November 7, 2015

sungkem siswa siswi



Bismillahirohmanirrohim…
sungkem hormat seorang siswa pada gurunya sama seperti pada orang tuanya.

KALAYAN NYEBAT ASMANA GUSTI ALLOH, 
NU MAHA WELAS TUR ASIH
PUJA KAGUNGAN NU MAHA KAWASA, 
PUJI PINASTI KANU MAHA SUCI
NU MURBENG BUMI ALAM, 
ALLOH SUBHANAHU WATA’ALA
NEDA AMPUN NYA PARALUN 
KA ALLOH NU MAHA AGUNG

SEJA MINTONKEUN KABISA SENI SEUWEU- SIWI, 
DINA WANDA KARESMENAN 
KALAYAN KERSA GUSTI ALLOH, 
DINA WANCI NU MUSTARI 
NINGGANG MANGSANA NU UTAMA
SEUWEU SIWI BANDUNG, BARIS DI ISTRENAN.
ALHAMDULILLAH LULUS BANGLUS 
SADAYA PADA SARUKA
KAHONTAL NYA CITA-CITA.
menggapai cita-cita, di dorong doa gurunya

SUNGKEM, 
(dari siswa pada gurunya)
Ibu miwah bapa guru, ieu abdi siswa-siswi ibu seja nyanggakeun sungkem hormat pangabaktos. Nyanggakeun sadaya-daya ieu abdi nu ageung karumaosan, rumaos ku ageung kalelepatan.

Hapunten anu kasuhun.

Bu, pa hatur sewu nuhun kana sagala nu tos katampi, dina lebet genep taun abdi-abdi sadaya di atik harti di asuh ku emlu panemu. Sangkan abdi ngajadi generasi harapan bangsa.

Dina danget ieu pisan seja nuwun ka bapa ibu du’a lan restu, margi sakedap deui abdi seja neraskeun lampah, sambung lengkah ka sakola smp, mugi kersa ginuluran ngabalur abdi ku pangdu,a,

Hatur nuhun bu... hatur nuhun pa..

(jawaban dari guru)
Anaking jimat awaking, 
ibu miwah bapa guru nampi kana panghormatan 
ti anjeun kasep, geulis.

Jung bageur, di jurung ku dua ibu, 
dijajap pidua bapa, 
mugia hidep apanjang apanjung nanjung 
nepika ngahontal cita-cita. 
Omat bageur amanat bapa 
“ ngajul bentang lain ku asiwung, 
tapi ngajul bentang kudu ku elmu lu nihunhung. 
Poma tong poho nu lima waktu, 
syukur kagusti nu estu. 
Tegesna Alloh subhanahu wata ala.

Mugi hidep, laksana sapanejana. 
Elmu panemu, titikan atikan di Sakola mugi mangpaat, sing sholeh,cageur, bageur , 
bener, pinter, tur singer. 
Mangpaat keur kulawarga, agama, tur nagara.


Jung bageur, geura susutan eta cisoca.... ganti ku imut nu ngagelenyu, tetegkeun hate, kuatkeun iman.

Yakin sapaneja bakal laksana.... amin ya robbal alamin.


No comments:

Post a Comment

KARENA MODAL RENCANA MENIKAH GAGAL??

Dalam tulisan saya sebelumnya d i    https://kabisaseni.blogspot.com/2020/01/good-bye-lajang-aku-mau-nikah-sekarang.html sudah kita ketah...